Skip to main content

Posts

Showing posts from 2018

Daluan

Ngaran permaenana Odotan Permaenan ieu teh biasana dimaenkeun ku 2 kelompok budak nu jumlahna sarua, permaenan ieu ngalatih kana kagesitan, kakompakan, strategi jeung kawaspadaan. Aturanna: Budak dibagi jadi dua kelompok, aya nu jadi kelompok jaga aya nu jadi kelompok mabal. Kelompok jaga tugasna ngajaga lawang ulah nepi ka disusupan ku kelompok nu mabal. Lamun aya tiluan berarti aya tilu lawang nu kudu ditembus ku kelompok mabal bari jeung dua balikan. Lamun salah sahiji wae budak aya nu katoel maka eta kelompok gugur posisi kelompok mabal ganti jadi kelompok jaga, tapi lamun salah sahiji wae kelompok eta aya nu mabal nepi ka balik salamet teu katoel berarti eta kelompok jadi juara. Carana: Dibagi kelompok ku cara sutin atawa hompimpah; Lamun geus beunang saha nu elah karek kaulinan dimulai, nyieun lawang salobana anggota kelompok; Masing-masing anggota kelompok kudu ngajaga eta lawang ulah nepi ka kabobolan ku musuh; Ngajaga lawang bari lumpat tuturkeun nu jad...

Odotan

Ngaran permaenana Odotan Permaenan ieu teh biasana dimaenkeun ku leuwih ti 2 urang, permaenan ieu ngalatih kana kagesitan jeung kawaspadaan. Aturanna: Aya hiji budak nu jadi odot, sesana lumpat ulan nepi ka beunang katepak ku odot. Mun budak geus katepak ku budak nu sejen nu jadi odotna, otomatis budak nu katepak tea jadi odot. Masing-masing budak kudu ngajauhan ulah nepi katepak ku budak eta. Carana: Biasana sutin atawa suit heula, di Sunda sutin atawa suit biasana make ramo indung leunguen, tutunjuk, jeung cinggir. Indung leunguen eleh ku cinggir, cinggir eleh ku tutunjuk, tutunjuk eleh ku indung leunguen; Lamun geus beunang saha nu elah karek kaulinan dimulai, barudak leutik dititah mencar kamamana terus nu jadi odot ngudag saha bae budak nu bisa ditepak; Saenggeus lumpat barudak nu sejen maranggil kanu odot ku sebutan “odot, odot,odot” bari jeung jiga nu ngalelewe; Lmun geus beunang budak nu ditepak, jadi gantian nu jadi odot nu katepak eta. Terus kitu perma...

Kaulinan Budak Leutik

Aya pirang-pirang jenis kaulinan anu biasa diulinkeun ku barudak leutik khususna nu aya di lebur simkuring di Kuningan Jawa Barat anu kalebet ka wewengkon Priangan Wetan tea. Dina ieu tulisan simkuring bade mitutur ngeunaan kaulinan anu biasa dilakonan atawa dialaman utamina ku simkuring waktos masih alit keneh. Tangtosna seueur pisan kaulinan nu sejenna nu teu acan tiasa simkuring pintonkeun dina seratan ieu. Tujuan simkuring nyerat ieu teh teu aya sanes mung hoyong supaya budaya nu kantos dialaman ku simkuring teh teu cuma jadi carita wungkul, tapi saleuwihna tiasa jadi bahan kanggo diajarkeun deui ka barudak jaman ayeuna nu geus teu apal kana kaulinan jaman baheula, nya tujuan nu sanesna deui mah simkuring teh hoyong nginget-nginget deui kaulinan baheula supaya hate simkuring paheut ka budaya jeung lemah cai Sunda. Kaulinan budak jaman baheulamah salian ti kaulinan anu mintonkeun kagesitan awak teh loba oge nu ngasah kamampuan otak. Jadi salian ti sehat lahir oge ...