Ngaran permaenana Odotan
Permaenan ieu teh
biasana dimaenkeun ku 2 kelompok budak nu jumlahna sarua, permaenan ieu
ngalatih kana kagesitan, kakompakan, strategi jeung kawaspadaan.
Aturanna:
Budak dibagi jadi dua kelompok,
aya nu jadi kelompok jaga aya nu jadi kelompok mabal. Kelompok jaga tugasna
ngajaga lawang ulah nepi ka disusupan ku kelompok nu mabal. Lamun aya tiluan
berarti aya tilu lawang nu kudu ditembus ku kelompok mabal bari jeung dua
balikan. Lamun salah sahiji wae budak aya nu katoel maka eta kelompok gugur
posisi kelompok mabal ganti jadi kelompok jaga, tapi lamun salah sahiji wae
kelompok eta aya nu mabal nepi ka balik salamet teu katoel berarti eta kelompok
jadi juara.
Carana:
- Dibagi kelompok ku cara sutin atawa hompimpah;
- Lamun geus beunang saha nu elah karek kaulinan dimulai, nyieun lawang salobana anggota kelompok;
- Masing-masing anggota kelompok kudu ngajaga eta lawang ulah nepi ka kabobolan ku musuh;
- Ngajaga lawang bari lumpat tuturkeun nu jadi kelompok mabal nepi ka bisa katoel;
- Lamun geus bisa katoel jadi gantian kelompok jaga jadi kelompok mabal.
Comments
Post a Comment