Ngaran permaenana Odotan
Permaenan ieu teh
biasana dimaenkeun ku leuwih ti 2 urang, permaenan ieu ngalatih kana kagesitan
jeung kawaspadaan.
Aturanna:
Aya hiji budak nu jadi
odot, sesana lumpat ulan nepi ka beunang katepak ku odot. Mun budak geus
katepak ku budak nu sejen nu jadi odotna, otomatis budak nu katepak tea jadi
odot. Masing-masing budak kudu ngajauhan ulah nepi katepak ku budak eta.
Carana:
- Biasana sutin atawa suit heula, di Sunda sutin atawa suit biasana make ramo indung leunguen, tutunjuk, jeung cinggir. Indung leunguen eleh ku cinggir, cinggir eleh ku tutunjuk, tutunjuk eleh ku indung leunguen;
- Lamun geus beunang saha nu elah karek kaulinan dimulai, barudak leutik dititah mencar kamamana terus nu jadi odot ngudag saha bae budak nu bisa ditepak;
- Saenggeus lumpat barudak nu sejen maranggil kanu odot ku sebutan “odot, odot,odot” bari jeung jiga nu ngalelewe;
- Lmun geus beunang budak nu ditepak, jadi gantian nu jadi odot nu katepak eta. Terus kitu permaenana nepi ka cape.
Comments
Post a Comment