Aya pirang-pirang jenis
kaulinan anu biasa diulinkeun ku barudak leutik khususna nu aya di lebur
simkuring di Kuningan Jawa Barat anu kalebet ka wewengkon Priangan Wetan tea.
Dina ieu tulisan simkuring bade mitutur ngeunaan kaulinan anu biasa dilakonan
atawa dialaman utamina ku simkuring waktos masih alit keneh. Tangtosna seueur
pisan kaulinan nu sejenna nu teu acan tiasa simkuring pintonkeun dina seratan
ieu. Tujuan simkuring nyerat ieu teh teu aya sanes mung hoyong supaya budaya nu
kantos dialaman ku simkuring teh teu cuma jadi carita wungkul, tapi saleuwihna
tiasa jadi bahan kanggo diajarkeun deui ka barudak jaman ayeuna nu geus teu
apal kana kaulinan jaman baheula, nya tujuan nu sanesna deui mah simkuring teh
hoyong nginget-nginget deui kaulinan baheula supaya hate simkuring paheut ka
budaya jeung lemah cai Sunda.
Kaulinan budak jaman
baheulamah salian ti kaulinan anu mintonkeun kagesitan awak teh loba
oge nu ngasah kamampuan otak. Jadi salian ti sehat lahir oge tiasa sehat
batinna, bungah hate jeung pamikiranana oge bedas tanagana. Jaman baheulamah
lamun budak leutik ulin teh katingali tas ulinna, kesangna borobos baseuh,
napasna meuni hahehoh, beungeut beureum, buuk lepet jiga beurit meunang manjur.
Sacara elmu kasehatan mah pan etateh tos olah raga, jasmani jeung ruhanina
gumbira sabab nu ngarana kaulinan jaman baheula mah teu aya budak ulin
sorangan, pasti wae aya baturna. Nah nu kitu pan sarua oge ngajarkeun
sosialisasi lamun ceuk bahasa kerennamah.
Lamun ditutur dirunutmah
da loba pisan atuh manpaat kaulinan jaman baheula teh, ngan hanjakal jaman
ayeuna barudak geus teu seneng deui kana permaenan-permaenan nu kararitu. Da
jaman baheula mah nu sok maen teh lain budak nu bau cikur wungkul, kadang mah
jalma kolot nu geus huisan oge ariluan da resep tea.
Muga-mugamah urang
kapayun tiasa ngamumule, ngalastarikeun deui kana kaulinan jaman baheula.
Pikeun generasi penerus meh janten generasi tangguh bedas awakna, pinter
uteukna, apal kana aturan jeung patuh kana tetengger. Simkuring nampi pisan
upami rencang-rencang sadaya anu maos ieu tulisan tiasa masihan saran atawa
kritik, komo mun masihan tulisan ngeunaan kaulinan jaman baheulamah ditampi
pisan ku simkuring. Sakitu panginten pamuka ti simkuring, mugia mangpaat kanggo
sadayana.
Rahayu nu di luhur, Rahayu nu di alam
jagat raya, Rahayu nu ngancik na diri.
Comments
Post a Comment