Ngaran permaenana Odotan Permaenan ieu teh biasana dimaenkeun ku 2 kelompok budak nu jumlahna sarua, permaenan ieu ngalatih kana kagesitan, kakompakan, strategi jeung kawaspadaan. Aturanna: Budak dibagi jadi dua kelompok, aya nu jadi kelompok jaga aya nu jadi kelompok mabal. Kelompok jaga tugasna ngajaga lawang ulah nepi ka disusupan ku kelompok nu mabal. Lamun aya tiluan berarti aya tilu lawang nu kudu ditembus ku kelompok mabal bari jeung dua balikan. Lamun salah sahiji wae budak aya nu katoel maka eta kelompok gugur posisi kelompok mabal ganti jadi kelompok jaga, tapi lamun salah sahiji wae kelompok eta aya nu mabal nepi ka balik salamet teu katoel berarti eta kelompok jadi juara. Carana: Dibagi kelompok ku cara sutin atawa hompimpah; Lamun geus beunang saha nu elah karek kaulinan dimulai, nyieun lawang salobana anggota kelompok; Masing-masing anggota kelompok kudu ngajaga eta lawang ulah nepi ka kabobolan ku musuh; Ngajaga lawang bari lumpat tuturkeun nu jad...
Mitutur kana kaulinan buhun urang Sunda di wewengkon Priangan Wetan